Learning Kendang (Tutorial)
Submitted by sabilulungan on Wed, 2007-05-30 22:51
These are some basic patterns in for Sundanese kendang.
Note: Click on the '>' (play) button to play.
| Mincid 1 | RPKAD B |
| Mincid 2 | RPKAD D |
| Pileuleuyan 1 | RPKAD E |
| Pileuleuyan 2 | RPKAD F |
| Bedug | Keupat |
| Pacok Hayam | Trulak Bang |
| Tutup Stac |


Comments
Nabeuh Kendang Rampak
Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Nepangkeun abdi ti Nairobi. Kieu kang, abdi kenging tugas ti kanggo ngawulang Rampak Kendang, kanggo tampil sasih Juni 2009. abdi tos milari totorial, video dll tina internet tapi teu aya nu sreg, tos diajar via video tea tapi bet asa benten, manawi aya video/cd kanggo diajar kendang, kumargi totorial anu aya dina website akang teu tiasa dibuka.
Hatur nuhun sateuacana.
Patterns kendang
Ass, wilujeng tepang deui
kumaha daramang? mugia sadaya dina tangtayungan Gusti nu maha suci, amien.
naha geuning patterns kendang ieu teh teu tiasa deui ditingali..??
Mugi teu janteun kaabotan saderek² Sabilulungan nga upload deui.. abdi nyungkeun pitulung hoyong diajar kendang.
Pami aya bukuna atanapi CDna kamana kinten² abdi tiasa mesen? margi abdi linggih tebih dinagri batur.
Hatur nuhun sateuacana, diantos.
Wass,
NH
hoyong ngamumule kendang sunda
Ass, Wilujeng tepang..
teu acan lami abdi diajakan mumusikan ku rerencangan barule, pajarkeun teh abdi gaduh bakat ngagendang. alaahh..puguh we jadi atoh campur bingung.. da ari ngadangukeun gentrak gendang bari saeutik ngigel mah memang sok resep, tapi ngagendang?? Alhamdulillah ari hog teh aya blog ieu.. duh mani kacida ngabungahkeun.. Nuhun pisan tos babagi ilmu na, mugi sing teras tambih sukses ngamumule budaya sunda.
Hoyong tumaros oge: Kumaha cara na hoyong ngagaduhan saparangkat kendang kitu, tiasa mesen atanapi kedah nyandak nyalira ti Indonesia? Gampil teu nyandakna? maksudna biaya nyandak na. Hatur nuhun.. diantos pisan waleran nana.
Wass,
Nenden,Duisburg.
Transportasi Gamelan
Wa'alaikum salaam warohmah.
Saderek Nenden...saleresna tiasa sababaraha jalan kangge ngadongkapkeun gamelan ti Indonesia ka Jerman, di antawisna Bagasi Pesawat, Paket Khusus Per Post, Paket Container, atanapi tiasa oge dicobian ngangge Jatah Cargo Personil Maskapai Penerbangan.
Di sagedengeun properti nyalira (Personil Sabilulungan), biasana kangga acara-acara budaya pihak Konjen atanapi KBRI setempat nyayogikeun gamelan sareng properti anu sanesna.
Wassalaam,
UQ - SAB
Post new comment